skip to main |
skip to sidebar
JURIG PANTO
CJDBS "Jurig Panto"
Baréto keur nyaba ka Cinangsi, aya kabar lamun peuting Salasa sok aya jurig anu ngetrokan lawang panto tengah peuting. Atuh matakan barudak pating kocéak careurik sarieuneun. Geus lila cénah, bari anu matak anéh lawang panto anu diketrokan téa lolobana imah rangda. Makana pada nyarebutkeun anu keketrok téa lain jurig tapi genderuwo anu beuki kabikang. Bari mindarupaning lalaki gagah kasép jambrosan. Kabeneran ayeuna poé Senén, makana nyieun rencana hayang nyinglar rusiah kucara arék difoto wéh mangkeluk anu téga miftah abah kasép kawas habib.
Kapeutingnakeun si Nyai alo anu karak 3 bulan rarangdaan téa, dititah saré jeung indungna. Bari abah nyadiakeun kaméra Ricoh anu geus kapaké motret 26 kali. Cukuplah sésana pikeun 10 kalieun jeprét, piraku teu meunangkeun hijihiji acan. Anu penting bateréna anu anyar, améh gebray lampuna caang padang.
Sakira jam 11 kadéngé aya anu ngetrokan lawang panto. Si Nanto geus disuruh takitaki, lamun panto diketrok langsung dibuka. Abah arék muru kaluar bari motrétan mangkeluk. Kadéngé sora leumpang, anu terus ngadupak kaléng susu anu dibéré kirincing maké duit copong anu ditalikeun kana karét. Kitu aya anu keketrok, panto dibuka. Bari abah jeprat jeprét muru beungeut mangkeluk, anu saharita reuwaseun. Bari udah aduh, pedah sukuna ditinggangan rancatan ku si Nanto. Geuning jurigna kumendan kamling.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar