Rabu, 02 Mei 2012

SANTÉT


LBSB "SANTÉT"
Sok nyikikik olangan aingah, lamun inget baréto 1995 ngabobodo pendékar Banten. Caritana datang jalma pendék kekar diringan ku Itik Sahra punakawan béngkél listrik. “Kieu bah, kuring digawé jadi komandan satpam di Karawaci. Lamun peuting sok ngarasa keueung, laju beuteung ngusial teu pupuguh. Bade nyanggakeun kumaha cak abah weh.” Nya atuh ku abah disina diuk. Kitu diragap leungeuna, karasa manéhna masang kudakuda. “Kendorkeun tanaga dina bujal.” Harewos aing kana ceulina, bari mata ngalirik kana pésakna. Katempo aya lembar duit biru. Bari soson kuaing pencét median talapak leungeun kédéna. Pak Rohmat ngagoak adug lajer bari matana burial buncelik, siga kuda lumping kamanjingan. “Beu ieu mah aya anu teu balég siah Rohman.” Ngadadak kahudang iseng wéh. “Cig buka bajuna.“ Aing terus hudang nyokot bubuk Permanganum Kalikus. Laju ditapel tapelkeun kana tonggongna. Aing nyekel gelas anu eusi cai hérang, bari api api kunyam kunyem. Tijarak 2 méter kuaing burakeun cai jiga ciibun kana tonggongna. “Cekelkeun enteung ieu Tik.” Cak aing ka Itik dibéh tukangeun tonggong pak Rohman. Terus kamanéhna dibekelan eunteung urut bedak Enin. Teu lila pak Rohman kékérépéngan gétékeun, waktu cai ngabeureum getih turun titongggong kana cangkéngna. Kitu nempo bayangan getih tina eunteung anu dicekel ku Itik, pak Rohman kacida reuwaseun. “Saya mémang udah lama curiga sama sikap si Awal, wakil saya. Dianya gak suka saya jadi komandannya.” Cak Rohman nyeuneu. Geuwat kuaing lap tonggongna nepi kaberesih.
 ·  ·  · 2 seconds ago

Tidak ada komentar:

Posting Komentar