skip to main |
skip to sidebar
KAPAPATÉN
LBSG "KAPAPATÉN"
Inget baréto keur ngora, kitu balik kajikan kapan kudu ngaliwatan pasaréan améh deukeut. Malum keur hanaang, hayang geura manggih keukeup haneut Enin téa. Ngan kitu asup kalembur, naha bet asa tiiseun naker. Kapan karék ogé jam 8 leupas wanci 'Isya. Singhoréng tadi beurang aya tatangga anu kapapatén, terus dikurebkeun dina pajaratan anu karak diliwatan. Paingan tadi asa selengseng bau seungit kembang.
"Kuwantunan kang Éman mah," cak jikan bari nangkeup pageuh terus narik kakamer. Biasa hayang cecelengokan meureun, kapan geus aya duaminggonna teu panggih.
"Nakunaon kituh?" Cak uing bari narik napas sakeudeung, kapan eungap kéhéd.
"Kapan tadi Aki Sarju maot." Cak jikan bari bibirigidigan.
"Innalillahi. Al-Fatihah. Aamiin."
"Makana urang dieu sarieuneun kaluar tibumi ogé."
"His pamali. Kawas anu moal manggihan maot waé. Anggursi pangdungakeun sangkan lapang kuburna, ditampi iman Islamna. Dihampura dosa2na. Dilebetkeun ka JannahNA. Kituh lin." Cekéng merong teleb, matak jikan kulumas kalémés hayangeun taeun.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar