Selasa, 01 Mei 2012

AHLUL JANNAH


Hih matak gandeng aing teu bisa molor. Kapan etah nini Ntoh ceurik sapeupeuting eurih euriheun. "Enin, memangna tadi peuting di pangajian aya naon. Matak pangangguran nini nini make dibabawa. Heug sapeupeuting jeput leweh." Cekeng abri popolotot ka jikan. "Hih engkang mah, kapan nini Ntoh tea ahli ibadah. Teu sirikna beurang peuting pasrah nungguan tungtung umur hayang khusnul khatimah." Cak jikan bari balaham belehem bangun anu kapiasem. "Ngan tadi peuting cak ajengan, di Sawarga mah euweuh nini jeung aki." Makana inyana sieuneun, hamo jadi Ahlul Jannah. Hehe, dasar inin inin 7 mulud. Kapan Saur Kanjeng Rasul SAW, "di Sawarga Allah SWT euweuh jalma kolot, sakabeh ahlina jadi ngora karasep gareulis deui."
 ·  ·  · 2 seconds ago

Tidak ada komentar:

Posting Komentar