Jumat, 18 Mei 2012

KUDA KIIH


LBSG “KUDA KIIH”
Hih dasar Enin, sok aya waé caritana anu matak ngahudang seuri. Kacaritakeun waktu Enin masih gadis, dina hiji soré neangan sapatu olahraga katoko di Jl Ahmad Yani dianteur ku Nyai adina. Ngan kitu cénah, aya lalaki kasép gagah ngan nunuturkeun waé bari surungah saréngéh hayang kenal. Dedeganana jeung basana alus kawas urang Jakarta. Ngan anu matak anéh eta lalaki maké kacamata ribén sanajan waktu geus arék reupna. Keur Enin milih sapatu dihiji toko, karérét éta lalaki ngadeukeutan Nyai. Terus Nyai sasadu, cénah éta lalaki hayangan kenalan ka Enin. Manéhna keur néang jodoh anu alus siga Enin. Ngan teuing kumaha Enin ngarasa teu suka kana sifat loma jeung burihalna. Pokona cangcaya wéh kaéta lalaki resep pamér kaleuleuwihi.

Bari dituturkeun kuéta lalaki, Enin jeung Nyai nyebrang kaparapatan arék nyetop delman. Kapan wanci geus méh mahrib. Ngan Enin ngarandeg bari nyikikik, barang nempo aya kuda jalu keur ngacung. “Na ari barang kuda kugedegede teuing nya Nyi.” Nyai oge seuri bari ngecap, “enya nya tétéh, jaba ngambay deuih aya saméterna." Teulila kuda téa kiih wéh awer aweran. Jaba kiihna maké wirahma ketuktilu jeung sora, soooorrr, terus reg eureun. Terus kiih deui soooorrrr, eureun deui. Kikituana aya kana genep kalina. Terus soooorrr kiih deui salila lila nepika jalan baseuh jaba bauna siga bir pletok, cénah. Keur kitu eta lalaki ngadeukeutan. “Suka sama barang gedé ya dé.” Ngomongna bari sura seuri renyom. Teu talangké Enin nungtun Nyai kahiji toko busana muslimah, boga batur sakolana. Biasa arék ngadon sholat jeung mesen katoprak heula.
 ·  ·  · 2 minutes ago

Tidak ada komentar:

Posting Komentar