Jumat, 18 Mei 2012

KOKOLOT BEDOG


KOKOLOT BEDOG

https://www.facebook.com/photo.php?fbid=2766285015703&set=o.123169408867&type=1&theater&notif_t=mention

KOLOT KALAPA

Hirup cueut ka hareup
Nyungsi bihari di kiwari
Geusan nyorang alam bakal datang

Puri Sunyi, 18 Mei 2012
Photo editor dan Teks : Heru Supanji
Photo koleksi Eman Rais

KUDA KIIH


LBSG “KUDA KIIH”
Hih dasar Enin, sok aya waé caritana anu matak ngahudang seuri. Kacaritakeun waktu Enin masih gadis, dina hiji soré neangan sapatu olahraga katoko di Jl Ahmad Yani dianteur ku Nyai adina. Ngan kitu cénah, aya lalaki kasép gagah ngan nunuturkeun waé bari surungah saréngéh hayang kenal. Dedeganana jeung basana alus kawas urang Jakarta. Ngan anu matak anéh eta lalaki maké kacamata ribén sanajan waktu geus arék reupna. Keur Enin milih sapatu dihiji toko, karérét éta lalaki ngadeukeutan Nyai. Terus Nyai sasadu, cénah éta lalaki hayangan kenalan ka Enin. Manéhna keur néang jodoh anu alus siga Enin. Ngan teuing kumaha Enin ngarasa teu suka kana sifat loma jeung burihalna. Pokona cangcaya wéh kaéta lalaki resep pamér kaleuleuwihi.

Bari dituturkeun kuéta lalaki, Enin jeung Nyai nyebrang kaparapatan arék nyetop delman. Kapan wanci geus méh mahrib. Ngan Enin ngarandeg bari nyikikik, barang nempo aya kuda jalu keur ngacung. “Na ari barang kuda kugedegede teuing nya Nyi.” Nyai oge seuri bari ngecap, “enya nya tétéh, jaba ngambay deuih aya saméterna." Teulila kuda téa kiih wéh awer aweran. Jaba kiihna maké wirahma ketuktilu jeung sora, soooorrr, terus reg eureun. Terus kiih deui soooorrrr, eureun deui. Kikituana aya kana genep kalina. Terus soooorrr kiih deui salila lila nepika jalan baseuh jaba bauna siga bir pletok, cénah. Keur kitu eta lalaki ngadeukeutan. “Suka sama barang gedé ya dé.” Ngomongna bari sura seuri renyom. Teu talangké Enin nungtun Nyai kahiji toko busana muslimah, boga batur sakolana. Biasa arék ngadon sholat jeung mesen katoprak heula.
 ·  ·  · 2 minutes ago

Kamis, 17 Mei 2012

TAS ANGKÉNG


F90K "TAS ANGKÉNG"
Saleupas mahrib Enin nelepon, majarkeun arék nepi ka Citeureup. Artina uing kudu gura giru bisi kaburu datang mantén mobil tumpangan ka Béllanova. Jaba hujan keur gegebrétan deuih. Teu talangké melang bisi kahujanan matak muriang, uing laju starter bari leungeun rumpa rampa kajok tukang néang tas angkéng eusi KTP, SIM jeung duit. Tapi lebéng geuning, cekéng bari watir. Kapan rumasa neundeun foto.
 ·  ·  · 

DOMBA BULE


LBSG "DOMBA BULE"
Meungeus 3 bulan si Juhro élékésékéng nungguan anu mayar hutang. Kapan tandonna ogé matak méakeun jukut bakating ku awak ngemplag siga anak kuda. Enya kapan si Sarkiam nginjeum duit 5 yuta, jangjina saminggu dibayar. Ari tandonna kapan éta embé Ettawa anu awakna badagjung. "Lah mending dijual wéh si Salju téa, kajeun teuing lamun si Sarkiam néang arék ditarok huluna sakalian." Bari lahlahan si Juhro indit kapasar. Ngan beulah pengkolan geuning aya anu ngadu domba. Panasaran si Juhro nyangcang si Salju, terus asup kana kalangan.

"Sial aingah, abong domba geus kolot pagawéan téa ngan éléh waé méakeun waragad." Kulutus si Japra bari ngababétkeun kuplukna kana bangku panjang. Terus diuk bari nagog, cekrés manéhna ngabeuleum karéték cap Kalo.
"Kieu wéh atuh ari cak aingah. Kapan domba sia geus lila jadi jawara. Geus loba matak untung. Kajeun bari siana dolim ongkoh." Cak si Juhro ka si Japra matak matana ngabeureum ambek.
"Terus kumaha?" Tanya si Japra bari cumiduh.
"Gampang. Kusia beuli wéh si Salju embé bikang. Tuh anu badag bodas téa. Terus kawinkeun ka domba sia, améh sidomba ngarasakeun ngeunahna dunia lin. Lamun anakan kapan sia bisa meunangkeun bibit domba herkulés tah." Si Japra seuri. Jigana mah kapikiran aya benerna omongan si Juhro téa. Geus kabayang pibatieun jeung bakal hadé milikna.

"Ari embé sia meunang meuli timana? Bangkok kituh, mani badag kieu." Cak si Japra bari ngarampaan beuteung méh susu si Salju. Maklum bandar domba, tangtu paham uraturatna.
"His lain Bangkok deuleu. Ieu mah domba Éttawa asalna ti Kanada. Domba bulé."
"Nya heueuh ainggé nyaho. Arék dijual sabaraha tah?" Si Japra kabeuli haténa.
"Aing meulina tilulima yuta. Geus dipiara 3 bulan. Kumaha sia arék meulina sabaraha. Lamun patlima yuta wani teu? Lamun hanteu arek dibawa ka haji Komar." Ngadéngé ngaran si Komar musuh bubuyutanana disebut. Kontan si Japara ngaheueuhkeun. Kaitung untungna si Juhro.
 ·  ·  · 2 seconds ago

Cover FBSK


https://www.facebook.com/photo.php?fbid=2981793235686&set=o.262985753797746&type=1&theater

Rabu, 16 Mei 2012

ODENG


F90K "ODENG"
Baréto mah keur ngora lamun naék bus ti Jakarta arék ka Sukabumi, asal palebah dusun Sunda Wenang tangtu aya béwara, sadia madu odéng. Waktu éta masih kénéh jadi hotelier, jadi apal kana madu mah. Ngan naon atuh ari odéng? Teu matak wani ari tatanya, kapan géngsi téa. Tapi jawabna datang sorangan waktu mitoha cacarita, si Usén gering ripuh kaseureud odéng keur ngala suluh dileuweung. “Dasiéta mah goblog, geus nyaho aya sayang odéng lainna nyingkah. Kalah kahabek wéh nuaran kai. Atuh odéngna ngaramuk nyeureud.” Héhéh can kabayangkeun kumaha kitu odéng téa.
 ·  ·  · 2 minutes ago

JURIG LEUIT


CJDBS "JURIG LEUIT"
Ieu carita Enin waktu leutik umur 5 taun. Caritana lamun saré peuting deukeut gowah, bapa mitoha sok neundeun paré garing dina bodag pikieun tutuaneun isuk. Maklum dikampung tacan aya listrik, jadi hijihijina panyaangan ngan tina cahya bulan anu asup tina genteng kaca. Ngan éta cak Enin, sokan aya aki aki janggot bodas panjang maké sorban, disarung dijubah hejo, sok nyoo boneka lawon cocooan Enin. Ngarana budak tangtu komplén ngahudangkeun bapa. "Bapa bapa itu aya aki aki dina bodag, nyoo boneka Éndah. Pancandakeun bapa." Atuh karuhan bapa anu tas capé sapopoé ngurus sawah, digeuingkeun tengah peuting kuurusan leutik, matak sok nyentak. "Ah manéh mah sokan aya aya waé. Geus kadituh saré deui." Naon nya, jurig leuit kituh?
 ·  ·  · 2 seconds ago

Selasa, 15 Mei 2012

JURIG LIWAT


CJDBS "JURIG LIWAT"
Tadi keur ngeunah nyuruput mie ayam panas di Madang, selengseng bau cubluk. Atuh sungut anu geus nga' oge matak ongek nutup hirung. Beu paingan atuh, kapan anu dagangna luhureun hong anu bocor. Barang nuboga imah ngosongkeun septikteng.
 ·  ·  · 2 seconds ago

ADÉN SURADÉN KAJAJADÉN


CJDBS "Adén Suradén Kajajadén"
Di Sep 1978, abah perenah ngaliwatan batu Kubang di Sémpong jam 11 peuting. Kitu aya jalan cagak, nyokot kakatuhu. Wéw antukna tigebrus kaleuweung awi anu poék mongkléng, jaba réang sora hag hog kawas bagong. Kitu mapay galengan dina caangna béntang, ti kajauhan aya abringan anu marawa obor. Kitu méh deukeut kuabah sorotkeun sénter 2 kali. Abringan 5 lalaki eureun sakeudeung, terus maju bari ngeteyep. 3 obor naék kaluhur, 2 obor turun kahandap. Barang nempo kalangkang abah anu make sweter bulao belang bodas jeung topi pét anu sacorak sakelir. Eta abringan ngarandeg, kaciri aya 5 gobang pating gurilap dina pamor obor. Kagok asor kuabah sampeurkeun bari sasakali nyirorotkeun sénter. Sajarak 2 méter kuabah buka topi, terus nyénteran beungeut sorangan. Karak tah 3 bedog balik ka warangka.

"Marulih timana?" Cekéng. Bangunna keur pilek, matak sora rada ngirung.
"Parantos ti ondangan." Kadéngé sora anu ngeleper, bari pageuh nyenyekel bedog.
"Dupi adén bade kamana?" Wéw adén, tangtu abah disangka kajajadén.
"Badé ka masigit Cilimus." Cekéng bari ngabeuleum jinggo.
"Geuning wantunan teuing. Permios adén" Lapor kumendan bari guragiru hanca.
Sabot gagancangan leumpang, kuabah pelong sawataralila. Aya kana 5 kalina maralik nempo kaabah. Waktu jam 2 nepi ka hotél Linggajati, kumisanan abah disebut, "hih si Éman ludeungan. Aing waé congcot Lingarjati teuwani sasar kawas kitu."
 ·  ·  · 2 seconds ago

KDRT

https://www.facebook.com/video/video.php?v=309178239157706&oid=148142288572067

JURIG PANTO



CJDBS "Jurig Panto"
Baréto keur nyaba ka Cinangsi, aya kabar lamun peuting Salasa sok aya jurig anu ngetrokan lawang panto tengah peuting. Atuh matakan barudak pating kocéak careurik sarieuneun. Geus lila cénah, bari anu matak anéh lawang panto anu diketrokan téa lolobana imah rangda. Makana pada nyarebutkeun anu keketrok téa lain jurig tapi genderuwo anu beuki kabikang. Bari mindarupaning lalaki gagah kasép jambrosan. Kabeneran ayeuna poé Senén, makana nyieun rencana hayang nyinglar rusiah kucara arék difoto wéh mangkeluk anu téga miftah abah kasép kawas habib.

Kapeutingnakeun si Nyai alo anu karak 3 bulan rarangdaan téa, dititah saré jeung indungna. Bari abah nyadiakeun kaméra Ricoh anu geus kapaké motret 26 kali. Cukuplah sésana pikeun 10 kalieun jeprét, piraku teu meunangkeun hijihiji acan. Anu penting bateréna anu anyar, améh gebray lampuna caang padang.

Sakira jam 11 kadéngé aya anu ngetrokan lawang panto. Si Nanto geus disuruh takitaki, lamun panto diketrok langsung dibuka. Abah arék muru kaluar bari motrétan mangkeluk. Kadéngé sora leumpang, anu terus ngadupak kaléng susu anu dibéré kirincing maké duit copong anu ditalikeun kana karét. Kitu aya anu keketrok, panto dibuka. Bari abah jeprat jeprét muru beungeut mangkeluk, anu saharita reuwaseun. Bari udah aduh, pedah sukuna ditinggangan rancatan ku si Nanto. Geuning jurigna kumendan kamling.
 ·  ·  · 

JURIG

CJDBS "JURIG"

Inget baréto keur SMP 1959 abah mah, kapan dijembatan Ciporéat aya panser TNI. Anu kacebur kana longkrang déét béh handapeun imah kabogoh. Cénah mah dua tangtara maraot sapada harita. Ngan éta téa cénah mah unggal peuting ngaririwaan. Malah kilanceuk anu borangan mah, sok ménta dipapag lamun arék balik peuting ka Cisurupan. Wéh, nyaritakeun perkara jurig jeung sabangsana, tibaréto matak euweuh béakna. Kapan bagian tina kabudayaan agraris Pasundan.

Ayeuna mah kari urang arék kumaha nyanghareupanana, kana éta fénomena sosial. Lamun abah mah tibarétona ogé ngala senangna wéh, ngala hasil tianu borangan. Siga dina hiji peuting panggih jeung batur sakola, keur balanja ditoko Fatimah Ujung Berung. Kitu arék balik ngarasa sieuneun kujurig. Antukna ménta tulung dibaturan. Kuabah heueuhkeun tapi aya syaratna. Nyaéta daek jadi kabogoh uing. Ngeunah lah.

Makana para sadérék, paramiarsa lapak Carita Jurig Dina Basa Sunda. Sabenerna jurig téa euweuh dina kanyataan, tapi jadi mangkeluk dina rarasaan. Éta mah kuma kaayaan jiwa urang waé. Sanajan cak élmu pangatahuan Barat majarkeun aya, tapi kapan euweuh jurig beurang. Kapan awakna teu jiga mahluk nyata tina plasma, tapi tina ékto-plasma. Anu ngacay lamun katinggang sorot panonpoé. Jadi ulah matak sarieun, heug baraca Carita Jurig Dina Basa Sunda. Kapan maké basa Sunda ieuh.
 ·  ·  · 45 minutes ago

Senin, 14 Mei 2012

WEUREU


LBSG "WEUREU"
Hudang saré, aéh sasaréan kétah. Beuteung ngurubuk lapar. Ménta sangu sapiring ka Enin, hayang daang jeung sésa bumbu saté anu loba irisan bawang beureumna. Ngan orokaya, kagégél céngék jurig anu ladana teu katulungan. Atuh seuhah salilalila, teu nepi kangahuap. Nginum wéh salobaloba, antukna beuteung jadi seubeuh kucai.
 ·  ·  · 2 seconds ago

KAPAPATÉN



LBSG "KAPAPATÉN"
Inget baréto keur ngora, kitu balik kajikan kapan kudu ngaliwatan pasaréan améh deukeut. Malum keur hanaang, hayang geura manggih keukeup haneut Enin téa. Ngan kitu asup kalembur, naha bet asa tiiseun naker. Kapan karék ogé jam 8 leupas wanci 'Isya. Singhoréng tadi beurang aya tatangga anu kapapatén, terus dikurebkeun dina pajaratan anu karak diliwatan. Paingan tadi asa selengseng bau seungit kembang.
"Kuwantunan kang Éman mah," cak jikan bari nangkeup pageuh terus narik kakamer. Biasa hayang cecelengokan meureun, kapan geus aya duaminggonna teu panggih.
"Nakunaon kituh?" Cak uing bari narik napas sakeudeung, kapan eungap kéhéd.
"Kapan tadi Aki Sarju maot." Cak jikan bari bibirigidigan.
"Innalillahi. Al-Fatihah. Aamiin."
"Makana urang dieu sarieuneun kaluar tibumi ogé."
"His pamali. Kawas anu moal manggihan maot waé. Anggursi pangdungakeun sangkan lapang kuburna, ditampi iman Islamna. Dihampura dosa2na. Dilebetkeun ka JannahNA. Kituh lin." Cekéng merong teleb, matak jikan kulumas kalémés hayangeun taeun.
 ·  ·  · 2 seconds ago

JURIG

LBSG "JURIG"

Inget baréto zaman keur ngora karak panganténan jeung Enin. Hiji mangsa poék bulan balik peuting ti Jakarta. Keur nyaangan jalan satapak maké panékér gas. Tapi nya teu bisa lila kapan reup wéh gasna béak. Nya antukna leumpang rumpu rampa. Tapi kitu mata geus apal kana suasana alam, ngadadak aya sora anu ngarorowok, "jurigggg." cénah. Untung kuring teu borangan, terus ngadudut catang anu karampa. Teu lila kadenge sora anu tigujubar kana wahangan, bari gogorowokan, "aya juriiig, aya juriiiig. Iyeuh urang tulungan aya juriiig." Nurustunjung, naha aing disangka jurig?
 ·  ·  · 2 minutes ago

Minggu, 13 Mei 2012

LBSB


Eman Rais updated the description.
Bedol lapak ti FBSK, anu matak jadi panonjok kana genggerong sawatara mangkeluk anu elekesekeng sieun kalindih bareng ku nafsu lawwamah anu siga lagog.

LBSB terbuka keur saha bae, tapi tertutup mkeur sabangsaning hacker. Heug narulis.
 ·  ·  · 36 minutes ago

https://www.facebook.com/groups/410374092336896/

Bewara


UCING JEUNG CAREUH


LBSB "Ucing jeung Careuh"
Jam 2.50 keur diuk ditéras nyecepkeun tiisna hawa peuting, bari ngirim pesen kasalira anu matak kayungyun. Kadéngé aya sora nyanggéréng. Singhoréng hiji ucing jalu keur parebut dumuk diimah kosong seberang jalan, jeung hiji careuh. Apal ka ucing jalu mah kapan si Orén téa, lamun cak Gaby. Duanana silih udag silih intip. Hanjakal duanana pada borangna, coba lamun papada galakna tangtu galungan. Anu matakan bakal bisa dipotrét. Ditungguan anu keur silih intip sajarak 10 méter. Antukna sakadang careuh dibalédog. Matak keuheul tuda, nungguan jaba maraban rametuk.
 ·  ·  · about an hour ago