LBSG “KUDA KIIH” Hih dasar Enin, sok aya waé caritana anu matak ngahudang seuri. Kacaritakeun waktu Enin masih gadis, dina hiji soré neangan sapatu olahraga katoko di Jl Ahmad Yani dianteur ku Nyai adina. Ngan kitu cénah, aya lalaki kasép gagah ngan nunuturkeun waé bari surungah saréngéh hayang kenal. Dedeganana jeung basana alus kawas urang Jakarta. Ngan anu matak anéh eta lalaki maké kacamata ribén sanajan waktu geus arék reupna. Keur Enin milih sapatu dihiji toko, karérét éta lalaki ngadeukeutan Nyai. Terus Nyai sasadu, cénah éta lalaki hayangan kenalan ka Enin. Manéhna keur néang jodoh anu alus siga Enin. Ngan teuing kumaha Enin ngarasa teu suka kana sifat loma jeung burihalna. Pokona cangcaya wéh kaéta lalaki resep pamér kaleuleuwihi.
Bari dituturkeun kuéta lalaki, Enin jeung Nyai nyebrang kaparapatan arék nyetop delman. Kapan wanci geus méh mahrib. Ngan Enin ngarandeg bari nyikikik, barang nempo aya kuda jalu keur ngacung. “Na ari barang kuda kugedegede teuing nya Nyi.” Nyai oge seuri bari ngecap, “enya nya tétéh, jaba ngambay deuih aya saméterna." Teulila kuda téa kiih wéh awer aweran. Jaba kiihna maké wirahma ketuktilu jeung sora, soooorrr, terus reg eureun. Terus kiih deui soooorrrr, eureun deui. Kikituana aya kana genep kalina. Terus soooorrr kiih deui salila lila nepika jalan baseuh jaba bauna siga bir pletok, cénah. Keur kitu eta lalaki ngadeukeutan. “Suka sama barang gedé ya dé.” Ngomongna bari sura seuri renyom. Teu talangké Enin nungtun Nyai kahiji toko busana muslimah, boga batur sakolana. Biasa arék ngadon sholat jeung mesen katoprak heula.
F90K "TAS ANGKÉNG" Saleupas mahrib Enin nelepon, majarkeun arék nepi ka Citeureup. Artina uing kudu gura giru bisi kaburu datang mantén mobil tumpangan ka Béllanova. Jaba hujan keur gegebrétan deuih. Teu talangké melang bisi kahujanan matak muriang, uing laju starter bari leungeun rumpa rampa kajok tukang néang tas angkéng eusi KTP, SIM jeung duit. Tapi lebéng geuning, cekéng bari watir. Kapan rumasa neundeun foto.
LBSG "DOMBA BULE" Meungeus 3 bulan si Juhro élékésékéng nungguan anu mayar hutang. Kapan tandonna ogé matak méakeun jukut bakating ku awak ngemplag siga anak kuda. Enya kapan si Sarkiam nginjeum duit 5 yuta, jangjina saminggu dibayar. Ari tandonna kapan éta embé Ettawa anu awakna badagjung. "Lah mending dijual wéh si Salju téa, kajeun teuing lamun si Sarkiam néang arék ditarok huluna sakalian." Bari lahlahan si Juhro indit kapasar. Ngan beulah pengkolan geuning aya anu ngadu domba. Panasaran si Juhro nyangcang si Salju, terus asup kana kalangan.
"Sial aingah, abong domba geus kolot pagawéan téa ngan éléh waé méakeun waragad." Kulutus si Japra bari ngababétkeun kuplukna kana bangku panjang. Terus diuk bari nagog, cekrés manéhna ngabeuleum karéték cap Kalo. "Kieu wéh atuh ari cak aingah. Kapan domba sia geus lila jadi jawara. Geus loba matak untung. Kajeun bari siana dolim ongkoh." Cak si Juhro ka si Japra matak matana ngabeureum ambek. "Terus kumaha?" Tanya si Japra bari cumiduh. "Gampang. Kusia beuli wéh si Salju embé bikang. Tuh anu badag bodas téa. Terus kawinkeun ka domba sia, améh sidomba ngarasakeun ngeunahna dunia lin. Lamun anakan kapan sia bisa meunangkeun bibit domba herkulés tah." Si Japra seuri. Jigana mah kapikiran aya benerna omongan si Juhro téa. Geus kabayang pibatieun jeung bakal hadé milikna.
"Ari embé sia meunang meuli timana? Bangkok kituh, mani badag kieu." Cak si Japra bari ngarampaan beuteung méh susu si Salju. Maklum bandar domba, tangtu paham uraturatna. "His lain Bangkok deuleu. Ieu mah domba Éttawa asalna ti Kanada. Domba bulé." "Nya heueuh ainggé nyaho. Arék dijual sabaraha tah?" Si Japra kabeuli haténa. "Aing meulina tilulima yuta. Geus dipiara 3 bulan. Kumaha sia arék meulina sabaraha. Lamun patlima yuta wani teu? Lamun hanteu arek dibawa ka haji Komar." Ngadéngé ngaran si Komar musuh bubuyutanana disebut. Kontan si Japara ngaheueuhkeun. Kaitung untungna si Juhro.