Rabu, 09 Mei 2012

BABALIK PIKIR


LBSB "BABALIK PIKIR"
Teuing pédah mata bongsang, teuing ogé masa kecil tak bahagia, teuing deui pedah bogoh ka buguru waktu kelas 5 SR. Tapi nepi kakiwari resep wéh mun nempo bikang geulis camperenik lenjang seuseug. Tah kapan di jejaring sosial kieu, anu karitu patut sok patulayah dimana mendi. Kakapeungan sok langsung asa bogoh, sanajan matak lamun ngomong arapap euereupeup siga anu keuna kululungu. Matak piteukahartieun batur boh matak keuheuleun, anu antukna sok ninggalkeun kapeurih ati saminggoneun. Tapi sakapeung deui sok aya waé anu nyanggut, sarta daék diajak kuma baé. Daék oge ngabuka hijabna, tandaning tumarima kana janggot aing. Tapi samemangna mah teu gampang ngala keputusan arék nyandung. Dikumakeunana ogé tetep beurat aingah ka Enin anu geus rék 40 taun maturan hurip aing. Pesonana aya di Enin, geulisna aya di Enin, alus cokorna aya di Enin. Halimpu suarana aya di Enin. Anu lamun nyingkah 2 poé wéh matak aing guling gasahan, teu tibra molor teu ngeunah daang. Leungiten. Matakan aing remen ngahaluang, “putih kuning laksana sutra." Anu geus méré anak jeung incu anu matak bungangang kana haté, daék ngalakonan naon baé ukeur kasajahteraan arinyana. Jeung anu penting kapan geus jadi paguneman bareng tianggalna, yén sakabéh pakaya maké ngaran hukum Enin. Aingah teu gableg nanaon. Sok seuri wéh, aing asa gagah mawa. Tapi injeuman.
 ·  ·  · 2 seconds ago

Costume Party 2012

Eman Rais
Lain agul abah mah. Waktu motrétan acara Costume Party 2012 di sakola Gaby, teu nyadar aya anu siga kabéngbat kujanggot abah. Cénah mah wanoja Garut salakina dokter. Sadar sotéh tadi waktu ngunggah ka blogna Gaby. Terus ngilikan kualitas potrét hiji hiji. Abah kagét, naha bet aya bikang geuliz melong nelek teuing
kunaon.


 ·  ·  · 3 minutes ago

Selasa, 08 Mei 2012

PLÉKIH


LBSB "PLÉKIH"
Keur taun 1955. Pun nini Ami lamun nyebut ngaran batur ulin sobat dalit Bénky, sok katalingsut jadi Plékih. "Héhé Man, kan Pléki itu nama anjing gué. Kok nénék tau aja ya." Cak Bénky ngaharéwos. "Émaaan, étah si Pléki sina asup kajero. Pangjieunkeun strup."
 ·  ·  · about a minute ago

TKW


LBSB "TKW"
Karak anggeus mandi, masih ngaandukan hulu, kadéngé Étih jeung Élih pating kacewis. "Babaturan étéh mah opatan areuweuh, béja mah mariang jadi TKW ka Arab." Cak Étih bari kekedengan dina jubin. "Laleudeungan teuing nyah. Tangtu gajina gede nyah." Élih mairan bari hanca muihkeun istrikaan. "Nyanéh hayang kituh Élih?" Haréwos Étih. "Hayang hayangna mah, ngan karunya Iwan bisi taya anu ngurus." Cak Élih dareuda. Wah bahaya yeuh, kumaha mun duaanana jadi TKW, tangtu matak répot euweuh anu ngurus Gaby jeung Bén. Kapan Gaby mah apet pisan ka Étih.

"Yeuh deuleu ku silaing. Gawé di Arab mémang bibitana gedé. Sabulan bisa meunang kana opat jutana. Ngan gawé tiisuk meluk ti jam opat isuk nepi ka jam dua janari. Ngan boga waktu keur sholat fardhu jeung dahar. Sanggup kitu saré ngan dua jam sapoé salila dua taun?" Cekéng bari rada nyeuneu. "Hayang ngarobah nasib mah hak sagala jalma anu diheueuhkeun ku undang undang nagara. Tapi pikir atuh mudhorat na. Étih sanggup kitu awak lenjang rupa manis rék ditumpakan ku jalu Arab? Kitu balik lain mawa duit keur bekel anu diimah. Kalahkan ngabababatang pegat hulu, pédah nubles dunungan anu arék ngagadabah teuing ngarogahala ilaing. Tapi lamun Étih pasrah, da teu walakaya cape ngurus imah genep lantai téa. Antukna kitu balik mawa orok Arab. Batan kitu anggursi ka abah, geus karuhan durén matak olohok kawas batok kohok."
 ·  ·  · a few seconds ago

Senin, 07 Mei 2012

SALJU


LBSB "SALJU"
Sssttt Norfolk geuning Nebraska lainna Virginia? Soalna abah pernah milu dry-dock didinya. Tapi teuing ketah, da Desember 1976. Kapan turun salju tah, hiiihhh abah mah dasar urang Jakarta. Seok weh salju teh diserok ku ramo laju dihuapkeun. Hih lamun seug disiropan, tangtu kawas es serut bekep waktu keur SR 1955 bareto.

NGARAYUD


LBSB "NGARAYUD"
Wéw sedep euy muka2 inbox waktu ngarayud mahasiswi Psy Unnes, 14 April 2009.

Hahaha..abah bkin ané ktwa terpingkal2.
Salut bwt abah,hdp abah menarik skalì.
Dkelilingi kluarg yg harmonis,org2 kréatf,n penyayang.
Ok bah..né rahasia qt brdua.

Alhamdulillah. Bisa nyambung suka seuri, sanajan umurna karak 20.

Minggu, 06 Mei 2012

KEKEREJETAN


LBSB "KEKEREJETAN"
Alhamdulilah. Tadi nampa riungan silaturahim, bari bales ta’aruf néng Ririn ka Adé. Kapan Januari abah sabarondoyot, anu ngabuka ta’aruf ka Citayam. Jaba hujan gedé tiisuk nepi ka beurang, naha nyaba ti Sentul ka Dépok karék nepi 5 jam. Sangkilang ditungtun aku GPS anu eusleum, teuing sinyal satelitna kaganggu kukandelna awan hujan. Tadi mah cabés Bambang anu cénah kataji ku janggot abah nyarita. “Pernah ngemitan tatangga anu maot. Keur khusyu’ maca do’a, ngadadak anak awéwé almarhum ngajerit, “Bapaaaaa!.” Bangun reuwas bari tutunjuk kalayon. Kitu pak Bambang ngarérét, kajeueung béh leungeun jeung awak mayit anu karak 2 jam maot, keur kekerejetan siga anu arék hudang. Teutalangké pak Bambang nutup do’a, terus luncat kagigir. Taki taki, “buat menjaga hil2 yang mustahal ajah kok pak Éman.” Akeyna.
 ·  ·  · 2 seconds ago