skip to main |
skip to sidebar
Fikmin #BENING#
"Impresif." Kecap anu pangcocokna keur mastikeun kualitas wanguna, dedegna, endahna, halimpuna anu nyata nyata 'bening' mencrang. Ibarat cai talaga anu herang, tepi katingali dadasar anu atra, jeung sarwa laukna anu pating saliwer dijerona.
http://www.facebook.com/groups/fikminsunda/permalink/351894818185425/
Fikmin #MAKSI#
Geus jam hiji, tapi mobil bok anu biasa nganteuran dahar can datang. Na kamana atuh supirna tea, macet kituh. Duh jaba barudak geus raribut, tangtuna weh kapan bales gawe soson tiisuk meluk. Kapan ti jam 12 geus wayahna istirahat jeung dahar beurang. Malahan bernamah di jam satu kieu, kuduna geus arasup hanca gawe deui, nepi ka jam genep. Tapi jam satengah dua kurunyung asup mobilna juragan Askim, biasalah arek ngontrol anu digarawe. Lamun aya anu wani ngaroko waktu jam kerja, geus tangtu matak dipecat sapoe eta keneh. Mang Umar, kapala mandor geuwat nyamperkeun, terus lapor bari dodongkoan. "Hah. Wayah kieu can dalahar? Piraku. Urang mah enggeus tah bieu pisan, diwarung soto Batawi." Walon juragan Askim, bari nguwel nguwelkeun seuseukeutna tusuk gigi, kana sela2 huntu koneng carangna.
http://www.facebook.com/groups/fikminsunda/permalink/351874251520815/
Fikmin #SAMBEANG#
Dasar ucing siah, geus dibedilan nepi ka setres. Geus dibaledog nepi ka buncunur. Geus ditarapung nepi ka kasada ngek. Teu weleh balik deu balik deui. Lain teu karunya ngarana oge ka sato, mahluk hirup anu pangdeukeutna ka manusia, sok komo ka pamajikan. Tapina arek dalah dikumaha, kapan urangna anu teu kuat ku bau buluna, anu matak bengek engak engik. Anu can cageur, lamun can disuntik ku pak mantri. Anu matak keuheul mah, sakapeung lamun keur solat, kapan napas oge sok ngadadak beurat. Sirah lieur bulelengan. Tamtu moal tumaninah, tongboa kana khusyuk. Kapan eta sajaddah tea, sok diheesan ku ucing. Da pamajikan mah resep weh, lamun nempo ucing molor ditilam sajaddah tea. "Keun wae akang ambeh haneuteun. Karunya ngarana oge ucing. Kapan itung itung amal wae urang mah, mere kasempetan ucing sina sambeang. Kapan pahalana mah keur urang urang keneh. Tibatan akang anu belang bentong." Halah aing mah, kalahka eleh ku ucing.
http://www.facebook.com/groups/fikminsunda/permalink/351651241543116/
Fikmin #INCU#
Ti rohangan luhur, kadangu aya sora tapak ngeteyep turun. Hehe tangtu Gaby, anu turun katilu kalina. "Gaby mau nyari apa? Kok belum bobo sih, kan besok sekolah." Na ari gantawang bari bangun anu nyeuneu, "Abah kamu jangan lihatin itu terus, sekarang sudah malam kamu harus tidur. Nanti besok kamu tidak bisa datang kesekolah aku. Kan aku mau menari. Ini lihat kamera aku, gantiin baterenya. Please abah." Teu dipindo, bisi incu tambah keuheuleun. Ditampa kamerana terus mareuman komputer jeung monitorna. Haruh paingan atuh, kapan kiwari geus jam 11 peuting.
http://www.facebook.com/groups/fikminsunda/permalink/351580111550229/
Fikmin #ANGIN#
Beu, kapetingnakeun angin beuki ngadius. Langit oge geus poek angkeb. Kabayang ke peuting matak hujan gede jeung lila. Hih, anggursi kapangkeng maturan Enin matak haneutna. Keun bae masing diluar arek babanjiran oge. Kapan dipangkeng mah moal.
Fikmin #INANG#
Beurang beurang aya anu hihitaran bari hahaluangan lagu Inang na Eddy Silitonga. Alhamdulillah ceuli Sunda, tapi teu nampik kana kaendahan wirahma deungeun. Alam Gusti teuing ku endah, makana sagala rupa kaendahan ngamprak di bumi. Nyakseni.
http://www.facebook.com/groups/fikminsunda/permalink/351310318243875/
Fikmin #SUPIR AWEWENA#
Aya meh sapuluh menitna, barang gek eureun di aleutan drop-off komplek preschool High/Scope Rancamaya. Supir beh tukang kadenge pating gerendeng. Ngan euweuh anu neken klakson, kapan ngajaga sopan santun. Tapi lila lila mah geus mulai tat tet tot raeng. Ti kajauhan katempo awewe anu tadi ninggalkeun mobil dina aleutan, keur tipaparetot gura giru, bari nyangkeng dua budak leutik. Jaba bari mawa baskom plastik, wadah dagangeun tahu atah inyana. Aleutan mangkin panjang, klakson ear rame.
"Pak maju dong." Aya anu nyentak ti beh gigir kede, di beh kaca anu dipolongokeun saetik, sangkan jero mobil henteu panas teuing. Maklum weh geus wayah Lohor.
"Memangnya kamu gak liat. Itu ada mobil nongkrong gak ada supirnya." Sentak uing bari nurunkeun kaca jandela. Simata sipit mundur, sigana mah serab ku janggot.
"Kamu punya anak nggak? Pernah nggak kamu merasakan ngasuh anak?" Rupa kasna tea bangun anu era, bari wera. Hehe nempo janggot mah matak teu galak geuning.
"Kamu lihat ibu itu sibuk membawa dua anak, sambil memanggul wadah makanan." Manehna unggeuk bari ramona ngalipet nyekelan beh resleting calana. "Iya pak."
"Mendingan kamu bantu ibu itu, bawain baskom ke mobilnya. Agar kita cepet jalan."