CJDBS "JURIG LEUIT" Ieu carita Enin waktu leutik umur 5 taun. Caritana lamun saré peuting deukeut gowah, bapa mitoha sok neundeun paré garing dina bodag pikieun tutuaneun isuk. Maklum dikampung tacan aya listrik, jadi hijihijina panyaangan ngan tina cahya bulan anu asup tina genteng kaca. Ngan éta cak Enin, sokan aya aki aki janggot bodas panjang maké sorban, disarung dijubah hejo, sok nyoo boneka lawon cocooan Enin. Ngarana budak tangtu komplén ngahudangkeun bapa. "Bapa bapa itu aya aki aki dina bodag, nyoo boneka Éndah. Pancandakeun bapa." Atuh karuhan bapa anu tas capé sapopoé ngurus sawah, digeuingkeun tengah peuting kuurusan leutik, matak sok nyentak. "Ah manéh mah sokan aya aya waé. Geus kadituh saré deui." Naon nya, jurig leuit kituh?
CJDBS "JURIG LIWAT" Tadi keur ngeunah nyuruput mie ayam panas di Madang, selengseng bau cubluk. Atuh sungut anu geus nga' oge matak ongek nutup hirung. Beu paingan atuh, kapan anu dagangna luhureun hong anu bocor. Barang nuboga imah ngosongkeun septikteng.
CJDBS "Adén Suradén Kajajadén" Di Sep 1978, abah perenah ngaliwatan batu Kubang di Sémpong jam 11 peuting. Kitu aya jalan cagak, nyokot kakatuhu. Wéw antukna tigebrus kaleuweung awi anu poék mongkléng, jaba réang sora hag hog kawas bagong. Kitu mapay galengan dina caangna béntang, ti kajauhan aya abringan anu marawa obor. Kitu méh deukeut kuabah sorotkeun sénter 2 kali. Abringan 5 lalaki eureun sakeudeung, terus maju bari ngeteyep. 3 obor naék kaluhur, 2 obor turun kahandap. Barang nempo kalangkang abah anu make sweter bulao belang bodas jeung topi pét anu sacorak sakelir. Eta abringan ngarandeg, kaciri aya 5 gobang pating gurilap dina pamor obor. Kagok asor kuabah sampeurkeun bari sasakali nyirorotkeun sénter. Sajarak 2 méter kuabah buka topi, terus nyénteran beungeut sorangan. Karak tah 3 bedog balik ka warangka.
"Marulih timana?" Cekéng. Bangunna keur pilek, matak sora rada ngirung. "Parantos ti ondangan." Kadéngé sora anu ngeleper, bari pageuh nyenyekel bedog. "Dupi adén bade kamana?" Wéw adén, tangtu abah disangka kajajadén. "Badé ka masigit Cilimus." Cekéng bari ngabeuleum jinggo. "Geuning wantunan teuing. Permios adén" Lapor kumendan bari guragiru hanca. Sabot gagancangan leumpang, kuabah pelong sawataralila. Aya kana 5 kalina maralik nempo kaabah. Waktu jam 2 nepi ka hotél Linggajati, kumisanan abah disebut, "hih si Éman ludeungan. Aing waé congcot Lingarjati teuwani sasar kawas kitu."
CJDBS "Jurig Panto" Baréto keur nyaba ka Cinangsi, aya kabar lamun peuting Salasa sok aya jurig anu ngetrokan lawang panto tengah peuting. Atuh matakan barudak pating kocéak careurik sarieuneun. Geus lila cénah, bari anu matak anéh lawang panto anu diketrokan téa lolobana imah rangda. Makana pada nyarebutkeun anu keketrok téa lain jurig tapi genderuwo anu beuki kabikang. Bari mindarupaning lalaki gagah kasép jambrosan. Kabeneran ayeuna poé Senén, makana nyieun rencana hayang nyinglar rusiah kucara arék difoto wéh mangkeluk anu téga miftah abah kasép kawas habib.
Kapeutingnakeun si Nyai alo anu karak 3 bulan rarangdaan téa, dititah saré jeung indungna. Bari abah nyadiakeun kaméra Ricoh anu geus kapaké motret 26 kali. Cukuplah sésana pikeun 10 kalieun jeprét, piraku teu meunangkeun hijihiji acan. Anu penting bateréna anu anyar, améh gebray lampuna caang padang.
Sakira jam 11 kadéngé aya anu ngetrokan lawang panto. Si Nanto geus disuruh takitaki, lamun panto diketrok langsung dibuka. Abah arék muru kaluar bari motrétan mangkeluk. Kadéngé sora leumpang, anu terus ngadupak kaléng susu anu dibéré kirincing maké duit copong anu ditalikeun kana karét. Kitu aya anu keketrok, panto dibuka. Bari abah jeprat jeprét muru beungeut mangkeluk, anu saharita reuwaseun. Bari udah aduh, pedah sukuna ditinggangan rancatan ku si Nanto. Geuning jurigna kumendan kamling.
Inget baréto keur SMP 1959 abah mah, kapan dijembatan Ciporéat aya panser TNI. Anu kacebur kana longkrang déét béh handapeun imah kabogoh. Cénah mah dua tangtara maraot sapada harita. Ngan éta téa cénah mah unggal peuting ngaririwaan. Malah kilanceuk anu borangan mah, sok ménta dipapag lamun arék balik peuting ka Cisurupan. Wéh, nyaritakeun perkara jurig jeung sabangsana, tibaréto matak euweuh béakna. Kapan bagian tina kabudayaan agraris Pasundan.
Ayeuna mah kari urang arék kumaha nyanghareupanana, kana éta fénomena sosial. Lamun abah mah tibarétona ogé ngala senangna wéh, ngala hasil tianu borangan. Siga dina hiji peuting panggih jeung batur sakola, keur balanja ditoko Fatimah Ujung Berung. Kitu arék balik ngarasa sieuneun kujurig. Antukna ménta tulung dibaturan. Kuabah heueuhkeun tapi aya syaratna. Nyaéta daek jadi kabogoh uing. Ngeunah lah.
Makana para sadérék, paramiarsa lapak Carita Jurig Dina Basa Sunda. Sabenerna jurig téa euweuh dina kanyataan, tapi jadi mangkeluk dina rarasaan. Éta mah kuma kaayaan jiwa urang waé. Sanajan cak élmu pangatahuan Barat majarkeun aya, tapi kapan euweuh jurig beurang. Kapan awakna teu jiga mahluk nyata tina plasma, tapi tina ékto-plasma. Anu ngacay lamun katinggang sorot panonpoé. Jadi ulah matak sarieun, heug baraca Carita Jurig Dina Basa Sunda. Kapan maké basa Sunda ieuh.
LBSG "WEUREU" Hudang saré, aéh sasaréan kétah. Beuteung ngurubuk lapar. Ménta sangu sapiring ka Enin, hayang daang jeung sésa bumbu saté anu loba irisan bawang beureumna. Ngan orokaya, kagégél céngék jurig anu ladana teu katulungan. Atuh seuhah salilalila, teu nepi kangahuap. Nginum wéh salobaloba, antukna beuteung jadi seubeuh kucai.