skip to main |
skip to sidebar
Al-Imam Al-Hasan Al-Bashri rahimahullah, sasauran:
“Sakabéh manusa, sabalégna aing keur naséhatan silaing, tapi lain pédah aing pangalusna di antara maranéh, lain ogé anu paling shalihna di antara maranéh. Enyaan, aing ogé geus loba milampah luar wates kadiri déwék. Aing teu sanggup ngadalikeun baris sampurna, heunteu ogé mangmawakeun, sapuk jeung kawajiban dina béh no’atan Rabb-na. Urang kudu silih naséhatan kalayan bener tur mangpaat.”
LBSB 'PAKU SANTÉT'
Isukna Awong karak muka lawang beusi waktu Rohman datang. Bungkusan kembang ditarima terus diasupkeun kana baskom eusi cai anu geus disiapkeun ku Itik. Lamun kamari Rohman datang dibaju safari, ayeuna mah datang dibaju pangsi. Sanggeus muka baju, Rohman diajak ngado’a bareng, laju digiring ku Itik kakamer mandi terus disina nagog. Teu antaparah kuaing banjuran huluna, make cai kembang kupanyiuk. Tangtuna pangsi jeung calana jerona baseuh. Bérés mandi terus dihanduk, Rohman datang karuang kantor disina nangkuban dina samak. Laju make minyak jieunan sorangan, kuaing urut ticangkéng nepi kabeuheung, bari maca shalawat. Cicing cicing kuaing cokot paku cempéd anu dina piring plastik. Kuaing cokot hiji, laju diguratkeun dibéh pundukna, diteken saeutik ambéh karasa nyeri. Terus diteken bari didudut. “Yeuh Rohman, aya paku keur jualeun ka pakbeling.” Cak aing bari ngalungkeun paku kana tutup dinamo hareupeun beungeutna. Cring! Solongkrong leungeunna maju arék nyokot paku, ngan kaburu dicaram ku aing. Proses pencabutan paku ‘santét’ diulang, unggal dua menit kadéngé sora cring, waktu paku dialungkeun kana tutup dinamo. Kaciri Rohman popolotot nempokeun paku, bari beungeut anu héran. Sanggeus réngsé dualas paku dicabut, ku Awong laju dibungkus maké keretas koran. “Yeuh Rohman, ieu paku bebeskeun kana taneuh dipintu gerbang pabrik. Dijuru kantor sia. Diunggal juru tembok pabrik. Ngan omat ulah betus kasasaha. Ngarti?” Cekéng bari teugeug, anu diheuheuhkeun ku Rohman bari ngunggeuk tujuh kali. “Lain bah, tadi isuk si Awal nelepon kaimah, menta ganti asup isuk aya kaperluan. Makana kuring bisa kadieu isuk2.” Séréngéh Rohman bari nyium leungeun. Karasa ramona nyelipkeun duit kandel. Laju balik. “Beuh béh, cak pa Rohman babéh boga élmu malaikat.” Lapor Itik bari seuri, siap arek iluan konsultasi teknik listrik. Kadua pabrik di Pasar Kemis.
LBSB "SANTÉT 1"
Bérés diparancahan, Rohman teu sirikna ngabudah nyaritakeun pangalamanana jadi komandan satpam. Ngan kaaingna jadi ngarasa lapar, “Awong, heug pangmeulikeun kéjo rendang. Pak Rohman arék dahar naon?” Cekéng téh, anu matak pak Rohman siga anu kahudang milu lapar. Laju mikeun salembar duit bulao ka Awong, sina meuli kéjo keur opatan. “Terus kuring kudu kumaha tah abah?” Tanyana. “Késukan isuk wéh kadieu deui. Mawa kembang lima rupa.” Cekéng bari seuri. “Kembang naon abah? Mawar, melati, kenanga?” Témbalna haroshos. “Kembang naon waé anu penting lima rupa. Tapi Rohman daék lamun dimandian ku abah?” Teu talangké Rohman ngajawab maké sikep sampurna. “Siyap kumendan abah." Teulila Awong balik deui mawa kéjo bungkus kabeuki sewang sewangan, mawa opat bungkus cientéh panas, jeung dua cikopi panas. Jisamsu wéh opat bungkus. Laju ngadekul daraang opatan, bari ngobrol mani nikmat naker. Kitu balik pak Rohman ninggalan tilu lembar duit bulao. Alhamdulillah. Rezeki mah timana baé, lumayan keur ngabekelan Itik jeung Awong sina malem mingguan balik ka Jasinga. Kapan majarkeun arek mangmawakeun sapasang tando hirup keur cocooan dibengkel. Saiinditna Rohman, aing nitah Itik sina ngeueuman dualas paku cempéd lempeng karahaan, dina oli urut ganti oli Katana.
LBSB "SANTÉT"
Sok nyikikik olangan aingah, lamun inget baréto 1995 ngabobodo pendékar Banten. Caritana datang jalma pendék kekar diringan ku Itik Sahra punakawan béngkél listrik. “Kieu bah, kuring digawé jadi komandan satpam di Karawaci. Lamun peuting sok ngarasa keueung, laju beuteung ngusial teu pupuguh. Bade nyanggakeun kumaha cak abah weh.” Nya atuh ku abah disina diuk. Kitu diragap leungeuna, karasa manéhna masang kudakuda. “Kendorkeun tanaga dina bujal.” Harewos aing kana ceulina, bari mata ngalirik kana pésakna. Katempo aya lembar duit biru. Bari soson kuaing pencét median talapak leungeun kédéna. Pak Rohmat ngagoak adug lajer bari matana burial buncelik, siga kuda lumping kamanjingan. “Beu ieu mah aya anu teu balég siah Rohman.” Ngadadak kahudang iseng wéh. “Cig buka bajuna.“ Aing terus hudang nyokot bubuk Permanganum Kalikus. Laju ditapel tapelkeun kana tonggongna. Aing nyekel gelas anu eusi cai hérang, bari api api kunyam kunyem. Tijarak 2 méter kuaing burakeun cai jiga ciibun kana tonggongna. “Cekelkeun enteung ieu Tik.” Cak aing ka Itik dibéh tukangeun tonggong pak Rohman. Terus kamanéhna dibekelan eunteung urut bedak Enin. Teu lila pak Rohman kékérépéngan gétékeun, waktu cai ngabeureum getih turun titongggong kana cangkéngna. Kitu nempo bayangan getih tina eunteung anu dicekel ku Itik, pak Rohman kacida reuwaseun. “Saya mémang udah lama curiga sama sikap si Awal, wakil saya. Dianya gak suka saya jadi komandannya.” Cak Rohman nyeuneu. Geuwat kuaing lap tonggongna nepi kaberesih.
Tina 743 anu kacatet wadyabalad, anu aktifna mah ngan 140. Nyaeta Tukang pos, Komentator jeung anu Beukian. Hartina masih aya sasabaraha member non-aktif anu bisa ditoleransi diieu lapak. Saleuwihna bakal di remove nepi ka tercapai ambang wates 250, sangkan bisa ganti ngaran. Ti FBSK ka ngaran LBSB Lapak Basa Sunda Basajan.
Abi Cepian Ibn Al-khairi, Ade Nendang Rahman, Ade Rahmat, Agus Sumardi, Ahmad Avia Ryadhi Kusnadi, Ahmad Yani, Ajuns Agus Djunaedi Sulaiman, Akang Ei, Akang Lii, Anisa Fathurizqi, Anih Kurniati, Anugrah Nunu, Aki Pamanah Rasa, Apoedy Sarah Ihsan, Asép Bénito Aripin, Asep Saeful Mimbar, Anna Juria, Arahus Marley AbynaLucky, Arief Nugraha, 'Ayah Andika', Basyar Isya, Bening Selakshahati, Boby Hermanto, Budi Mugia Raspati, Bunda Unie, Cucu Halimah, Dadah Hidayat, Dadang Ustamapraja, Dede OhFitty Doresi, Deni Nursamsi, Dennykurniadi Kurniadi, Dewi Budi, Dewi Ratna Damayanti, Didin Tulus, Din's Nawawi, Djoerig DalapanLima, 'Eboed' Eman Budiman, Edi Kurnaedi, Eel Nurlela, Eli Sobariah, Elis Sri Yovita, Ely Nurtini, Eman Rais, Eros Rosnida, Fazrul Asep, H Abdurachman Badrani, Heni Sumarni, Heru Supanji, Heryaman Art, Hilda Iskandar, Iberani Man, Ida Rukmana Ida, Iim Rakiman, Ipan Ripai, Ira Sulistina, Irman Dimyatie, Itjeu Chairiani Ratna, Iwan Ardhie Priyana, Iwa K Cusmin, Iwan Hanjuang, Iwan R Jayasetiawan, Jaladara Nitis, Jordan Kurniawan, Kabayan Sabakota, Kang Adhe, Kang Ismaya, Kang Ties, Kharismawati Islami, Kez Sukezz, Ki Jante Arkidam, Kimomonk Arthawee, Ki Umbara, Korsiatii Ayanadi Mejadiah, Lenny Magdaleni, Lies Tjandra Kancana Sudarma, Liman Sanjaya, Mamat Supriatna, Maman Damiri, Mang Ja'i , Manik Sundayana, Mariana Herdiawan, M Dada Bz, Metty Azmira, Muhammad Shohiba Nu'man, Muldiyana Yusef, Munggaran Alfatih Z, Mustika Kurniarasa Haroeni, Nanang Sahbana Afnani, Nena Cunara, Neni Andriani, Norman Ontwohood, Noerhidayati Zingdue Kazoot, Nuri Awaludin, Nyi Iteung Tea, Nyimas Rengganis II, Odah Riweuh, Olga Kamajaya, Oentoro Hpca, Pedro Kawentar, Permata Nan Bersahaja, Pujangga Sastra Kumbara, Puri Kania Pramanik War, Putri Kinasih, Ragis Rakawiraras, Ratna M Iwan, Rd Okke Chandra, Remi Sadkar, Reny Hendriyani, Reval Juventini, Ricky Andriawan Mardjadinata, Rifan Sahrony, Rini Sri Indriani Firmansyah, Rinto Variasirias, Riyono Afdfvm, Rohendi Pandeglang, Rudya Kuz, Saefull Atk Archiva, Sangpetualang Jagat, Shaff Isma, Siti Julaiha, Skylashtar Maryam, Sri Sutrianti, Sukmawan Aggi, Susi Susilawati, Tatang Boestan, Taufik Adam, Teh Rai, Tien Widartini Darodji, Trisno Syafiq, Usep Acx, Usin Muhsin, Uti Kinanti, Uyong Buntoro, Uzanx Boam, Wa' Ratno, Wiwin Wida, Yayan 'Bedog' Supriatna, Yetti War, Yusef Muldiyana Full, Yusuf S. Martawidenda,
Sigana geus sapuk saluyu urang ganti ngaran lapak jadi LAPAK BASA SUNDA BASAJAN. Hanjakalna aing can bisa ganti ngaran judul, hehe masih gaptek keneh. Paling bisa ganti ngaran dina cover. Ti FBSK jadi LBSB. Halow kang Rd Okke Chandra, apah 8-6. Ganti.
DIRJEN
Sabada keur ngawangkong di warung bi Icih, dipakarangan reg eureun hiji sédan méwah Audy. Terus kaluar hiji lalaki gandang disorban digamis, bari leunguenna mawa 5 kotak pizza. Sup manéhna abus kana riungan. “Euleuh siah lainna ieu téa Samid, babaturan aing keur leutik purah ngangon munding haji Tohir siah.” Cak Ujang babarakatakan. Bari sor nyolongkrongkeun leungeun ngajak sasalaman. Anu tangtuna disambut ku Samid, bari nyalaman kum anu aya diwarung, kaasup bi Icih. “Lain aingah, naha bet sisinarieun sia daék datang ka dieu. Kapan ngadéngé béja sia ayeuna jadi Dirjén lin? Ari tadi timana kitu asa ginding kieu” Cak Sarkum. “Enyalah Kum, aing Dirjén. Tapi dina haté mah leuwih sapuk ngumpul jeung maranéh. Tadi aing ngadeuheus ka Cikéas. Kitu asup kana gerbang dipariksa ku pengawal. Barang nempo pizza, cénah mah arék dikirim ka dapur. Lamun juragan pareng nya dikajuragankeun, lamun hanteu bakal disina jadi parab anjing.” Sarkum molongo, “baruuuuk.” Cénah. Sanggeus meuleum rokok Minakjinggo, Samid nuluykeun carita, “Keur aing mah leuwih hadé dibawa kadieu, keur bahan ngalubar tineung ka maranéh.” “Sapuuuuk,” saur manuk. “Ari sia laksana kituh dibenum jadi Menteri.” Tanya Ujang. “Enya. Tapi saratna aing teu meunang kalaporkeun maké basa Sunda kasar. Kudu ngajaga sténding salaku Menteri. Teu meunang iluan kana FBSK. Padahal anu ngarana pajabat nagara lolobana garoréng adat, loba teuing mikir, suudhan, jaba paranoid deuih. Teu kawas urang anu basajan, ngomong sahinasna. Naon anu kaluar tina bacot datang tijero congcot. Beu aing hanang yeuh bi Icih. Mun pangtinyuhkeun cikopi.” Ngadéngé kitu Ujang abus kadapur, “keun aing anu nyieun, kapan apal kana kabeukina Samid.” Cak Ujang ngahéhé. “Aya tikotok kitu bi?” Bi Icih olohok. “Da kapan kitu Samid mah, cikopi ditikotokan saeutin.”