skip to main |
skip to sidebar
Fikmin #MAKARONI BAKAR DINA IMPLENGAN#
Keur jadi bujangan, diimah sosoranganan. Kapan sakabéh pengeusi imah keur araya diimah paraji, mapag incu. Ari uing teu kamamana, pedah capé jeung tunduh balas nyaba jauh. Keur laper, ngadadak aya sora anu nawaran kadaangan. “Pisang keju ... makaroni bakar ... roti ragout.” Alhamdulillah, pucuk dicinta usam tiba. Ngan inget kamari duit salawé rébu ti pamajikan, kapan dibikeun ka supir keur mayar tol, arék ka Jakarta. Terus teu digantian, pohoeun meureun, di Jakarta loba uruskeuneun. Singhoréng Yance, bujangan ti Plasa Niaga anu ngajungjung wadah plastik nanawarkeun dagangan. Bakat kulaper, uing nempoan dagangeun jeung nanyakeun harga hargana. “ Pisang keju 2ribu, makaroni bakar 17ribu. Roti ragout 5ribu.” Kuring nempoan dompét imah sugan aya keneh duit, ngan 2rewu. Néangan ditascangkeng, tapi lebéng. Antukna mah ngan kabeuli pisang keju harga 2 réwu, sahuapeun anu kacida pelemna. Ngarana ogé anu keur laper, batu ogé mun bisa didaang mah tangtu pelem. Sanés kitu juragan fikminers?
Fikmin #SMS#
Aya sms asup, ku atoh disangka mah ti sikatresnan tea. Barang diaos, "Anda mendapat bonus 10.000 SMS ke semua operator domestik berlaku untuk hari ini." Huh kawas ka anu gelo, misina urang euweuh gawe sejen deuih euy. Piraku arek sapopoe ngadedekur ngesemes. Tongboa matak kacengklak, rasa asih kalahka jadi nurih ati.
Fikmin #ÉTA SAHA#
Kamari basa keur di Cirebon, aya miskol. Di Indramayu nomer eta ngawaler sms, “Ah, sanes sasaha.” Waktu uing nga-sms, “Dupi ieu saha?” Tadi isuk mah keur nungguan Ben lahir, nomer nelepon. Horeng wanoja fikminer, “abdi panasaran naha leres soanten akang siga nonoman.” Imutna. Ngan kitu, ngobrol 10 menit teu pisan ngabolekerkeun aran teuing asmana. “Keun sina akang panasaran.” Kituh. Bari suka seuri terus nutup telepon. Pasosore kaingetan, kamarina perenah mikeun nohape ka hiji fikminer. Maksud lamun uing ka Bandung, hayang silaturahim.. Naha ieu sugan? Berebet uing nulis pesen heureuy ka inyana.”Akang mah yaktos, anu kamari ngintun sms, "ah sanes sasaha." Sareng anu tadi nelepon tangtos neng. Anu seksy bahenol nerkom, anu vokalna soprano, linggih di Ciparay. Calon panganten akang.” Saperti gonjakan uing dina telepon weh. Pasosore aya waleran, “Demi Allah abdi teu nelp oge teu ngasms, saumur muka fb, malih saumur hirup asa nembe dicampelak sapertos kieu........hatur nuhun.......”

Fikmin #BÉWARA#
Salira Bén, pun incu kadua parantos lahir. Tadi enjing 9 April 2012, tabuh 09.22. Tikamari ibu ramana parantos angkat nyaketan RSB Asih di Kebayoran Baru. Kapan upami ti Sétos mah, Insyallah moal tebih teuing. Kajabi jalur lalulintasna moal macét teuing. Tadi énjing sanaos angkat telat ti Sentul ka Panglima Polim II. Alhamdulillah henteu patos macét, iwal disabudeuran Cawang. Kukaweur, Mus lepat jalan di Ratu Plaza. Kedahna majeng ka Sisingamagaraja, malihan kaluar kajalur lémbét. Teras dibunderan Senayan kedahna méngkol ka kiwa, malihan nyandak kabéh tangen. Atuh ka Gelora Senayan deui, muter di Semanggi teras lebet deui ka Sudirman. Langsung ka Sisingamangaraja, teras ka Panglima Polim. Waktos dongkap ka RSB Asih, rupina néng Wiena parantos di OK. Kapan saur néng Linda mah, Bén parantos lahir via Caésar séctio. Alhamdulillah duanana séhat sampurna. Malihan néng Wiena nuju latihan menyusui deui. Maklum wéh tétéh Gaby parantos badé 6 taun, engkin ping 23 Méi.
Fikmin # Ibun dina pucuk pare#
Halimun nyimbutan wanci carengcang tihang, hawa tiis nyoco kana tulang, srangege asa kutalangke nyaangan poe, aya ku lila pisan nepi ka wanci haneut moyan, duka teuing pedah hate keur marudah meureun padahal da dilembur kuring mah kakara karasa haneut cahaya sumirat teh kira jam sapuluhan.
Teu maksakeun moal kabagean,kencling kuring indit mawa kaperluan dibuat sapuratina, arit, karung, nyiru jeung tolombong, teu poho mungkus sangu timbel keur bekel. Kailaharan dilembur kuring lamun nu bisa ngilu dibuat teh anu milu tandur, alhamdulillah najan rada elat kuring dibageanan sakotak gede, jam salapan kakara rengse ngarit jeung ngentepkeun gebugeun,saacan neruskeun hanca kuring reureuh heula deukeut sirah cai, keur anteng neuteup pigaweun nu ngahunyud aya nu ngagebah, aduh kuring ngarenjag ataker kebek bari ngajerit satarikna.
" aduh juriggggg "
" hapunten nyai akang tos ngareureuwas"
Haji Daman nu boga sawah tamada , kuring istigfar laju ngagidig ngajauhan manehna, hate ngarakacak , baheula keur sangsara kuring bumela ka manehna, ayeuna manehna hayang balikan deui, lain teu nyaah lain teu bogoh matak tujuh taun kuat nyorangan oge, ngan hampura kudu jadi nu kaopat mah ampun paralun.
Fikmin #TES KASUBURAN#
Kamarina wan Hamid sumping ka dokter kebidanan, peryogi tés kasuburan. Saatos diparios ku dokter, dibahanan botol kanggo sampling anu kedah dicandak énjing. Tapi nembe énjingna deui wan Hamid sumping deui, bari nyanggakeun botol kadokter Murni.
“Hooor, mana eusina? Upami kosong kieu kumaha bade mariosna?”
“Nyaéta néng dokter. Kuabdi parantos usahakeun kupanangan tangen tapi gagal. Kupanangan kiwa oge mung pegel wungkul. Teras miwarang pun bojo, teu kaluar ogé. Pon kitu ku bibi Séti dibumi. Sami henteu tiasa kaluar. Salanjengna abdi nyuhunkeun bantosan néng Sri pun alo”.
“Tapi ieu botolna masih kosong.” Walon dokter Murni, bari merong semu keuheul.
“Sumuhun dokter. Malihan nyuhunkeun ka Sri supados dicepit dina waosna. Tapi teu kaluar ogé. Manawi abdi téh badé nyuhunkeun tulung bantosan dokter, dugi kakaluarna waé.” Atuh kantenan dokter Murni anu teu acan nikah, tuturubun nampik kahoyong wan Hamid.
“Nyaétalah dokter. Simabdi gagal ngiring tés. Kapan teu tiasa muka cocok botolna.” Lumengisna.
Fikmin #INSOMNIA#
Salila saminggu sakabéh urusan asa geus diwangkongkeun jeung manéhna. Sugan mah hening waé, kapan asal ngobrol pameunteuna daria naker. Loba suka seuri, jenuk teuteup, beunghar imut. Kaciri atra geulisna. Kasampak nyata kaendahan rupana. Asal datang wayahna leleson, kacipta gelenyu amis seurina, dina wangun biwir anu sakitu matak kareureutna. Matak héran kasalakina, piraku geus tilu taun euweuh sonosonona. Piraku teu karunya ka anak awéwé anu ngan hijihijina. Budak apik camperenik, karawat anu teu sirikna ditatap diusap. Anu keur meujeuhna loba pangabutuh, lain ngan saukur dahar jeung pake wungkul. Sanajan enya umur budak karak opat taun ogé. Tapi kapan butuheun pigur bapak anu ngaping indungna. “Teu langkung, kumaha pangersa engkang waé.” Cak manehna, bari ngangkat budak arék dipindahkeun ka kamerna. Geus biasa, sorot matana méh alum deui. “Kieu waé atuh, upami kin wengi nyai henteu tiasa mondok. Ulah mungpang. Panto kamer mung ditutup.” Sakira jam dua, panto kamerna karungu ngérékét muka.